Dongeng Sunda Jawara Sagara Kidul : Kisah Penindasan dan Keserakahan | Bagian Pertama


JAWARA SAGARA KIDUL

Karangan Ki Leuksa

Bagian Kahiji (Munggaran)

Wanci tunggang gunung di lembur singkur sisi gunung nu kasebut Lembur Gombong, anu mana kaayaan na matak betah tur matak waas. Langit lenglang taya aling-aling  bersih taya mega nu ngahalangan, manuk recet disarada patembalan jeung pada baturna, nambahan endah na alam. Dangdaunan ting garupay aroyag katebak angin leutik kawas nu silih gupayan.

Dina kaayaan kitu dijalan desa anu mudun aya Mojang anu keur leumpang disamping jangkung digelung jucung, ngelek boboko nu dieusi ku wawadahan kumbaheun. Tikajauhan oge katara bitisna ngaborelak koneng umyang kokolenyayan, pangawakan jangkung leutik, ari rupa mah jajar pasar. Goreng henteu geulis pisan henteu, tapi paroman na marahmay someah pikaconggaheun.

Eta Mojang teh beuki landeuh leumpangna anca, nya ahirna anjog ka sisi walungan nu caina herang ngagenyas ngagulidag maju kahilir.

Urang lembur gombong mah geus ngabaku, boh mandi boh kukumbahan teh sok kadinya. Maklum di pagunungan, keur mah cai na herang oge torojogan ti gunung, bijil tina cai nyusu. Memeh mandi eta nyimojang kukumbahan piring heula, geus kitu kakarak ngised ngadeukeutan leuwi deet, kalawan teu asa-asa baragadal eta nyimojang ngalaan sarung na, gebrus mandi icikibung bangun gumbira, malahnan bari teuteuleuman sagala, diselang ku kokosok beberesih.

Barang nyimojang keur jongjon mandi, rentang-rentang ti jalan satapak aya dua jajaka nu datang reg eureun, eta dua jajaka colohok mata simeuteun sabab nempo nyi Mojang nu keur mandi malahan buncelik siga anu poho ngiceup.

Nu saurang dedeganna jangkung, kasep, tur sembada, pakean na oge basajan deuih, sigana mah anak nu beunghar, nu saurang deui mah pendek busekel sirahna gundul bari di iket, teu salah deui eta Panakawan na.

Baki :“Aduh jang alah ieung jang, aya widadari keur mandi jang, aduh… meni herang kitu jang. Widadari ti langit mana nya jang? Da teuaya katumbiri apan”

ceuk nu pendek bari melong kanu keur mandi, terus kutap ketap kawas anu lapar, ari panon na mah tetep melong ka nu keur mandi di leuwi.

Nurkala: “Bener kang, aduh aya milik ieu mah duh, paingan peuting tadi ngimpi alus da gening rek manggih widadari, ah kang kembae neangan si eloy mah ngke deui we lah, mening ieu heula we kang” tembal dunungan na nu katelah Nurkala.

Si Baki : “Hihihi… enya jang enya… na kabina bina teuing, kembae si eloy mah isuk jaganing geto ge bakal beunang jang, sedengkeun ieu mah deuh milik gede jang, hihihi… rek di kumahakeun yeuh jang?” Ceuk nu Pendek nu katelah si Baki.

Nurkala : “Kela kang kela, can sidik kana rupa na ieu teh, antep sina mandi heula. Euleuh itu kang buukna di rumaykeun alah ieung kulitna meni ngagelempong kitu, siga humut kalapa, deuh adeuh kang”

Si Baki : “Hihihi… nya leres jang akang ari papanggihan nu kieu mah duh… milik gede jang… hebring pokokna mah, hehehe…”

Duanana melong kanu mandi, siga ucing keur mencrong lauk, panon na teu sirikna molotot teu ngiceup-ngiceup, sedengkeun nu di intipna teu sadar, jongjong we mandi sakumaha biasa, sabab kapalebah dinya mah arang langka nu ngaliwat teh, kawantu harieum ku tangkal kawung jeung awi surat. Ari urang lembur gombong kacaraina teh sok maju ka burit, da wanci kawas kitu mah masih digarawe keneh.

Tonggeret geus kadenge disarada nambahan waas kaayaan dina sore harita, Sora walungan seah, cai ngagulidag budahna pating borelak katojo ku panon poe nu geus tunggang gunung. Nurkala jeung badega na nu katelah si baki beuki anteng we ngintip anu keur mandi, nya akhirna nyi Mojang teh rengse mandi na. Tuluy ngised kana batu, kop kana samping. Terus nangtung bari make samping. Nurkala jeung si Baki meni sing rongheap bari nelen ciduh kumetap.

Nurkala : “Tuh kang tuh”hihihi…

Si Baki  : “Tenang Aden Tenang, hihi… moal keur saha deui den…”

Nurkala : “Duh kudu kumaha atuh kang… deuh dekah. Tuh belah kaler aya saung, rada buni siga na mah, tah kuring rek kadinya, didagoan diditu nya” ceuk Nurkala bari jung cengkat.

Si Baki  : “Sip lah den, eh ari tugas akang naon den” ceuk si Baki bari surangah serengeh siga nu kurang saeundan.

Nurkala : “Euh meni kudu nanyakeun sagala tugas akang naon, piraku teu ngarti. Pek we pikir… pokokna mah ku kuring di tungguan diditu”  ceuk nurkala bari ngaleos muru kana saung nu aya di belah kuloneun maranehna cicing. Kojeungkang si Nurkala bari kukuliwedan neangan nu suni supaya ulah katohiyan ku eta nyi Mojang.

Ari si Baki kerang kerung bangun nu bingung, bari molohok nempokeun ka dunungan na anu geus ngaleos, lila lila nyeh maneh na seuri sorangan “ Hihihi… deuh dekah dasar turunan Bah Murda, meni teu jauh ti adat kolotna we… heug jang lah ku akang rek di ladenan, akang mah rumasa keur kumawula tepika iraha oge moal burung satuhu kana kapalay ujang, sip lah… mangga antosan diditu lah”

Si baki geus apal kana adat jeung tabeat nu jadi dununganna, najan Nurkala teu ngabejakeun kahayang  na oge ku si Baki mah geus kahartieun. Harita keneh melong deui ka walungan, breh nyi Mojang geus mancat ka darat leumpang lalaunan bari ngelek boboko, beuki pikabitaeun. Bitisna anu baseuh keneh ngaborelak kokolenyayan, samping jangkung jeung gelung jucung matak nambahan kayungyun.

Baki : “Euh iyeu mah yeuh, milik milik… milik gede pisan sigana ieu mah yeuh, alus milik jang Nurkala yeuh. Dasar alus peletna, hade asihan na, keun siah beunang ku aing mah siah”

geus mikir kitu si baki cengkat lalaunan, leumpang  keketeyepan bari ratug jajantung. Jleng-jleng ngaluncatan solokan arek megat nyi Mojang anu keur leumpang, teu lila ge geus tepi ka jalan satapak anu bakal kaliwatan ku Nyi Mojang.

Baki : “Hihihi… bagja geulis, hihihi… teu sangka yeuh di gunung aya nu mancung, di desa aya nu endah, ehem ehem… selamat ayah burit geulis, hihi hihi… “ si Baki ngomong bari gumasep.

Nyi Mojang ngajenjag kaget… leumpangna ngarandeg bari panon buncelik bakat ku reuwas, meunang sa jongjonan mah ngahuleng teu daek ngomong, ngan jajantungna jadi ratug tutunggulan.

Si Baki maju dua lengkah bari jeung sarangah serengeh gumasep, reg eureun, panon na melong nitenan nyi Mojang di teuteup tina bitis tepika luhur, bari jeung kumetap. Lila-lila nyi Mojang sadar yen maneh na aya dina bahaya,

Mojang : “Heh ucut burung, saha siateh? Hiling nyingkah. Naha ngahalangan kanu rek ngaliwat?”

Baki : “Adeuh eta sora meni halimpu kitu, matak sehat ngadenge sora anu geulis, adeuh…. Sakali deui nyai” Ceuk si Baki dungdak dengdek meletet bari gumasep.

Mojang : “Aeh aeh siateh gelo? Boa gelo hayang setan can datang.”

Baki : “Hihihi… wantun sumpah Kakang Mah henteu Gelo nyai, akang mah waras, ngan saentos ningali nyai akang jadi rada gelo”

Mojang : “Halik nyingkah…”

Baki : “Ah moal, pan akang teh ngahaja kadieu arek mapagkeun nyai anu dolis, hilap deui akang teh can ngenalkeun yeuh. Nepangkeun nyai akang teh pun Baki” ceuk si Baki bari leungeun na nyolongkrong ngajak sasalaman. Tapi nyi mojang kalah mundur bari bangkenu baeud.

Baki : “Adeuh… Nyai nu geulis teh alim sasalaman sareng kang Baki anu kasep, meni ku apik ari nu geulis, pedah leungeun akang bau sireum? Hihihi… ulah kaget nyai akang mah pulah ngala jeung nalukkeun kunti jeung jurig. Hihihi… Hayu ah urang bareng leumpangna jeung akang, eta boboko piceun, moal enya geulis-geulis ngelek boboko”

Mojang : “Dasar Bangsat… awas siah mun teu indit kuring rek ngagorowok menta tulung”

Baki : “Hihihi… naha beut galak-galak teuing, ulah sok kitu ari jadi ambewe, hhihihi… hegwae arek ngagorowok mah tapi ilikan ieu yeuh, hihihi…”

Sret si baki nyabut peso balati tina cangkengna, seuseukeutna meni ngagurilap katojo panon poe nu geus rek surup. Gebeg… nyi Mojang ngagebeg sataker kebek, ngarenjag reuwas, beungeutna katara pias.

Baki : “Hihihi… Lamun Nyai hayang Panjang umur Kudu nurut ka akang. Kajaba lamun geus bosen hirup, eta manga we kumaha nyai we lah akang mah, hihihi…….”

Nyi Mojang teu ngomong. Tuurna kalah nyorohcod, beungeut na beuki sepa sieun jeung bingung nu teu mangih tungtung, susah baya nu taya hinggana lantaran jauh ka lembur, sanajan ngajerit oge sabenerna mah moal ujug-ujug aya nu nulungan, da jauh ka batur.

Baki : “Hihihi… bagus-bagus, tah kudu kitu, tunda boboko na, mun geus beres ngke cokot deui, mun teu di tunda di cokot ku akang, sok tunda” 

Si baki ngancam, ari biwir sura seuri siga nu amis budi cunihin bari teu lucu, tapi panon molotot ditambah ku nodongkeun peso balati ka nyi Mojang. Nya puguh matak bingung jeung geumpeur.

Nyi Mojang kawas anu keuna ku tenung, sok boko teh di tunda di sisi jalan, terus cengkat deui bari teu ngomong, si baki ngan sakilat ngajeuwang peupeuteuyan nyi Mojang di cekel pageuh, bari pok ngaharewos.

Baki : “Sttt… ulah baha… bisi ieu yeuh peso mubus kana cangkeng, hihihi…. Nam nam leupang, mun teu nurut pasti cilaka, hihihi…”

Ngadenge ancaman kitu nyimojang teh geus teu bisa mikir, kesang tiis ngadadak bijil, bulu punduk sing puriding sieun kabina-bina, nya akhirna kapaksa leumpang nurut kana parentah si baki.

Mimiti na mah leumpang mapay jalan, tapi lila-lila mengkol ka kenca muru ka hiji saung. Anu kahieuman ku tangkal awi jeung tangkal gintung anu nguyupuk, nyi Mojang beuki teu puguh rarasaan leumpangge asa teu napak, sirah asa beurat, jajantung ratug, hate panas. Geus teg we bakal cilaka digadabah ku lalaki durjana. Nyi Mojang sasambat dina hate na, neda pitulung nu maha agung,

Mojang : “Duh gusti nu maha agung, kedah kumaha?... Ema Bapa abdi tulungan”

kitu ceuk gerentesna bari leumpang, cipanon mah ngalembereh maseuhan pipi teu karasa ku nyi Mojang. Saking ku sieun akhirna Reg eta nyimojang ngarandeg bari ngadegdeg,

Baki : “Eit naha eureun? Hayoh maju bisi katojos ku nu seukeut eta cangkeng teh lebar pisan… ieuh nyai teu ngeunah katojos ku nu seukeut mah. Hihihi… sakeudeung deui nyai di tojos ku nu mintul, meh raos. Nam nam maju”

Mojang : “Ampun kuring teh rek dikumahakeun?”

Baki : “Ulah sieun ulah saleumpang  nyai, moal dikukumaha asal nurut pasti salamet, nyai rek di bere kangeunahan, daripada di tojos peso nu seukeut mending ku anu mintul, tapi mun hayang cilaka hegwae lumpat, sok kari milih we eta mah, naha hayang hirup bari ngeunah, naha hayang paeh?”

Mojang : “Ampun kuring mah hayang keneh hirup, eta peso jauhkeun ampun sieun”

Baki : “Oh sieun kunu seukeut? Hayang ku nu mintul nya, hihihi… ieu peso disakuan deui, tapi kudu nurut nya bisi cilaka, nam leumpang deui nam, tenang we da moal di kukumaha paling ge diajak nganjang ka sawarga, ahihihi…”

Leungeun si baki nyurungkeun tonggong nyimojang, atuh kapaksa nyi Mojang teh nurut leumpang deui bari jeung lungeus, panon na luak lieuk neangan jalma sejen anu bisa di puntangan tulung. Ari si Baki marahmay bungah sabab eta awewe teh dianggap lineuk, bari leumpang teh nyerengeh we, manehna geus bisa ngabayangkeun naon anu bakal karandapan ku eta awewe.

 

Cag urang tunda Heula si Baki jeung nyi Mojang nu keur leumpang nuju ka saung nu di cicingan ku Nurkala.

 

Tonggeret geus reang disarada patembalan jeung pada baturna, sakapeung sora sosoer geus disada, nyirikeun wanci geus maju ka Burit.

Dina kaayaan kitu dina tempat rada anggang ti tempat si baki jeung nyi mojang, aya nu leumpang hiji jajaka kira-kira umur 17 taunan, meh sababad jeung Nurkala, paling ge ised saeutik. Ngan ieu mah pakean na basajan, buuk kusut, sirah di bengker ku iket anu geus belel, pangawakan rada penek, rupana teu kasep tapi pikalucueun, rengkak paripolahna oge sarua matak pikaseurieun.

Si Eloy : “Eh… naha itu siga si Baki bakekok euy. Heuheuehe… nanaonan sieta ngiringkeun awewe, palangsiang rek diparabkeun deui ka si Nurkala yeuh, cilaka tujuh likur ieu mah… keun siah ku aing moal diantep, rek dihalangan, na da moal sieuneun uing mah. Hahaha…. Karunya teuing uy, mangkaning awewena meni bohay kitu… wikwiw”

Eta jajaka teh ngomongna beda jeung batur, kawas anu diheureuykeun mun ngomong teh, geus watekna kitu meureun, poksang jeung sabalaka na taya kasieun, jiga teu sopan teu boga tata krama, tapi da hate na mah hade.

Sanggeus boga pamikiran kitu eta jajaka teh ngabelesat lumpat muru ka si baki, Geurakan na cepet meh teu katuturkeun ku panon, Kolebat… Jleg… eta jajaka geus ngabedega megatan jalan anu rek di sorang ku si Baki jeung si wanoja.

Si Eloy : “ Hahahaha….. salamat Patepang Lagi Baki bakekok siah… hahaha… rek kamana siah Baki, baku siamah ari geus ngagubug awewe nu teu boga dosa teh, dasar siah Baki beuki Bakekok sagala beuki kudu diparab bako siamah boke, hahahaha… “

Reg nyi mojang jeung si Baki eureun, Nyi mojang kacida bungahna ningali kadatangan eta jajaka teh, gancang harita lumpat muru ka jajaka nu kakarak datang tea. Tuluy malik bari nunjuk ka Si Baki.

Mojang : “Tulungan kang tulungan kuring kang, eta jelema jahat, jahat pisan”

Ceuk nyi Mojang bari curukna nunjuk ka si Baki. Sedengkeun si baki ngan colohok bari kekerot bakat ku ambek nempo eta Mojang nu lumpat nyampeurkeun si jajaka.

Baki : “Hihihi… Kurang ajar sia deui wae Eloy, kabeneran… puguh geus lila aing neangan sia teh, naha kakarak ngelol, awas siah mun ngahalangan kana paniatan aing di pencit siah ku aing”

Eloy : “Hahaha… euleuh etah si Baki Bakekok naon siah molotot, sok wani mah urang gelut jeung uing lah, make rek meunit kawas ka hayam wae, nya dikira uing rek sieun? Euweuh euweuh si toleng mah, emang uing wani kitu? Eh emang maneh wani ka uing?

Si Eloy singkil terus maju salengkah bari ngaleledkeun leungeun baju na, atuh nya puguh tumerapna ka si Baki mah tambah nafsu sabab si Eloy teh musuh satru kabuyutan, anu geus lila diteteangan ku manehna Jeung Nurkala, ari ayeuna bisa tepung didinya. Lat we poho ka nyi Mojang, terus singkil.

Baki : “Tong loba Bacot siah Eloy, umur sia aya dina dampal leungeun aing, geura papatkeun jampe paeh siah Eloy, rek panjang atawa pondokna umur sia gumantung kana leungeun aing”

Eloy : “Uluh uluh etah ngomong, etateh ngomong atawa hitut Baki bakekok siateh? Na siateh ngaleuleuwihan pangairan kehed, eh pangeuran. Nu nangtu keun umur mah Gusti alloh lain Baki bakekok nu resep ngakan Bekok”

Baki : “Ganeng Siah setan… Geura Papatkeun jampe paeh… Hiat….”

Seak si Baki narajang, peureup katuhu nyewuk rek ngagedor careham si eloy, tapi si eloy rikat dongko, Plos… Peureup si Baki milepas ngahakan angin, bareng jeung kitu sakilat si eloy cengkat bari nyintreuk genggerong si baki nu keur nyolontod kahareup kabawa ku tanaga na sorangan, Pletak…

Baki : “Adeuh setan siah ngabongohan eloy”

Si baki ngalengak bari calawak, sirahna ngadangheuak ka tukang.

Eloy : “WKWKW… Raos nya eta Tihang Kopeah di Sintreuk, yeuh cobian hiji deuih yeuh…”

Ceuk si Eloy bari najongkeun suku katuhu na kana Careham si Baki, atuh puguh si baki reuwas, sabab kaayaan manehna nu keur ngadangheuak geus teu bisa nyingkahan panajong si Eloy,

Gebro… “Adeuh…..”

Koleang, awak si baki ngoleang geus teu bisa nahan kasaimbangan awakna. Gebru rubuh ngabebengkang.

Baki : “Aduh anying, goblog nyeri siateh eloy”

Eloy : “Hahaha… mangga Raraoskeun heula, empuk nya dampal suku uing mah asa empal sapi, keudeung nya ieu cungcurungan ateul, rek gagaro heula, heg rasakeun heula nya. Hiji-hiji we lah, ulah di sakalikeun, peureus di sakalikeun mah”

Ceuk si eloy bari gagaro, ngagaroan cungcurungan na, meni salse pisan, geus kitu ret ngareret ka nyi Mojang bari ngiceupan, tuluy leungeun na pepeta nitah nyi Mojang indit ningalkeun eta patempatan, supaya ulah diganggu deui ku si baki. Nyi Mojang surti langsung lumpat muru ka lembur nu memang rada jauh ti eta patempatan.

Kuniang si baki cengkat, bari ngarampaan careham anu karasa asa coplok, sret… nyabut peso balati anu tadi diasupkeun kana jero baju na, huntuna kekerot, beungeut Geuneuk kos beusi atah beuleum, panon molotot bari nafas renghap ranjug, rengkenek masang kuda-kuda bari pok nyarita,

Baki : “Kurang ajar siah budug, siateh ngan ngariweuhkeun wae, tadah ieu panarajang ti aing, geus moal bisa nyingkahan deui siah ayeunamah, kudu paeh siah budug ayeuna keneh” hiat….

Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url